Paribasa jeung Babasan
PEDARAN
1. Wangenan Paribasa
Paribasa nyaéta salah sahiji wanda
pakeman basa anu mangrupa ungkara winangun kalimah anu geus puguh éntép
seureuhna teu bisa dirobah boh unina boh tempatna atawa dilemeskeun anu
ngandung harti babandingan atawa silokaning hirup manusa.
2. Ciri-Ciri Paribasa
a. Paribasa sipatna ngabandingkeun, ngumpamakeun, jeung mapandékeun.
b. Paribasa téh omongan anu
hartina lain sajalantrahna.
c. Paribasa mangrupa kalimah
anu teleb sarat anteb kana haté nu dibawa nyarita.
d. Paribasa heunteu bisa
dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa dilemeskeun kekecapanana, sabab geus
mangrupa basa pakeman.
3. Jenis-Jenis Paribasa
a. Paribasa Wawaran Luang
nyaéta eusina ngandung maksud pikeun jadi picontoeun atawa pieunteungeun.
Contona:
Adat kakurung ku iga, hartina kabiasaan anu geus hésé
dipiceunna.
Mihapé hayam ka heulang, nitip barang ka nu geus kanyahoan teu jujur.
Buruk-buruk
papan jati, hartina goréng-goréng ogé dulur sorangan
moal ngantep lamun meunang kasusah.
Awéwé
dulang tinandé,
hartina
istri mah kudu nurut kasalaki.
Deukeut-deukeut
anak taleus, hartina deukeut tapi euweuh nu nyahoeun
Dihin
pinasti anyar pinanggih, hartina takdir tos ditangtukeun ku Alloh
Gedé
gunung pananggeuhan, hartina
boga andelan dulur beunghar
Halodo
sataun lantis ku hujan sapoé,
hartina kahadéan anu mangtaun-taun
leungit ku sakali kagoréngan
Kawas
bueuk meunang mabuk, hartina ngeluk
taya tangan pangawasa
Katempuhan
buntut maung, hartina batur anu boga dosana, urang anu
katempuhanana
b. Paribasa Pangjurung Laku
Hadé nyaéta picontoeun gambaran laku hadé sangkan jadi tuladeun milampah kahadéan.
Contona:
Cikaracak ninggang batu,
laun-laun jadi legok,
hartina upama dilakukeunna bari junun sagala rupa nu
hésé bakal bisa.
Ka hareup ngala
sajeujeuh, ka tukang ngala
sajeungkal, hartina hirup ati-ati maké
itungan.
Kudu
bisa ngeureut neundeun saeuitik mahi loba nyésa, hartina kudu
apik dina nyekel harta benda supaya boga bekel.
Kudu
bodo alewoh, hartina lamun teu nyaho
kudu daék tatanya.
Kudu
hadé
gogog, hadé
tagog, hartina sopan santun, hadé tatakrama.
Kudu
ka cai jadi saleuwi, kadarat jadi salogak, hartina
sauyunan silih pihapékeun.
Kudu
leuleus jeujeur liat tali, hartina
kudu loba tinimbangan.
Landung
kandungan laér aisan, hartina kudu gedé tinimbangan.
Kudu
loba luang jeung daluang, hartina loba
pangalaman jeung pangaweruhna.
c. Paribasa Panyaram Lampah
Salah nyaéta gambaran laku goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.
Contona:
Cul dogdog tinggal igel, hartina ninggalkeun gawé baku, terus migawé pagawéan nu
taya hasilna.
Ulah meungpeun carang ku ayakan, hartina api-api teu nyaho, ngantep jelema anu migawé
pagawéan salah.
Ulah
agul ku payung butut, hartina ulah agul ku turunan.
Ulah
adéan ku kuda beureum,
hartina ulah
ginding ku pakean meunang nginjeum.
Ulah
biwir nyiru robéngeun, hartina resep nyaritakeun kagoréngan batur.
Ulah
bodo kawas kebo, hartina bodo
kacida.
Ulah
dagang oncom rancatan emas, hartina ngalakukeun hiji hal nu teu saimbang.
Ulah
kokoro manggih mulud, hartina sarakah makmak mékmék.
Ulah
siga lauk buruk milu mijah, hartina marok-marokeun manéh.
4. Wangenan Babasan
Babasan nyaéta pakeman basa anu ungkarana jeung hartina geus
matok. Babasan ungkarana parondok, umpamana/umumna ngan diwangun ku dua kecap
sarta ngandung harti siloka (kiasan). Babasasan seuseueurna ngagambarkeun
pasipatan jalma.
5. Ciri-Ciri Babasan
a. Ngandung harti injeuman
(konotatif).
b. Ukuranna pondok.
c. Umumna diwangun dina
kecap kantétan.
d. Susunanna tos matok
atawa teu tiasa dirobah-robah.
6. Jenis-Jenis Babasan
a. Babasan Kantétan nyaéta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu ngandung harti injeuman. Ciri
ciri babasan wangun kantetan:
1) diwangun
ku dua kecap atawa leuwih / mangrupa kecap kantétan.
2) unsur-unsurna
dalit/raket teu bisa diselapan ku unsur séjén.
Conto: gedé hulu,
teu bisa jadi gedé jeung hulu, gedé huluna atawa gedé ka hulu. Sabab, lamun
diselapan ku unsur séjén bakal ngarobah makna babasan.
3) mibanda
harti imajinatif atawa harti teu sabenerna.
Contona:
Gedé hulu = sombong, balaga, pang
jagona, adigung.
Akal Koja = kapinteran dipaké nipu batur.
Kurung batok = tara indit-inditan
Ipis
biwir =
babari ceurik
Héjo tihang = pundah pindah tempat pagawéan
Panas barang = sirik ku kaayaan batur
Atah anjang = langka silih anjangan
Amis budi = hade paroman
Conto dina wangun kalimah:
·
Budak anu gedé hulu mah teu dipikaresep
ku batur.
·
Abongna kurung batok, karék ulin nepi
ka Taman Topi ogé geus bingung pikeun balik.
b. Babasan Rundayan nyaéta babasan anu ngaliwatan proses ngararangkénan, boh binarung jeung ngarajék,
ngantétkeun
boh henteu, sarta ngandung harti injeuman.
Contona
Buntut Kasiran
= medit
Ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna
Disakompétdaunkeun = disaruakeun jeung kasalahan batur
Dibéjérbéaskeun = dibéjakeun sabenerna
Geutas harupateun = gancang napsu
Dibabuklalaykeun = dibabuk ka kénca katuhu
Paanteur-anteur
julang = silih
anteurkeun
Ngadaun ngora = kaayaan jadi ramé
Conto dina wangun kalimah:
·
Koruptor téh ngabéjérbéaskeun
kalakuanana di persidangan.
·
Pa Méméd mah katelah
buntut kasiran, sok sanajan geus jadi kuwu ogé.
c. Babasan Frasa nyaéta
babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu hubungan antar unsur-unsurna
ranggang teu dalit, sarta ngandung harti injeuman.
Contona
Kandel kulit beungeut = jalma euweuh ka éra
Murag bulu bitis =
teu betah cicing di imah
Ngarah
sahuap sakopeun =
usaha leuleutikan pikeun nyumponan pangabutuh saharitaeun
Bur beureum bur
hideung =
hirup senang taya kakurangan
Aki-aki tujuh
mulud =
geus kolot pisan
Bali geusan
ngajadi =
lemah cai kalahiran
Dug hulu pet
nyawa =
usaha satékah polah
Hutang salaput
hulu =
hutang kaditu kadieu
Conto dina wangun kalimah:
·
Dewi mah kandel kulit beungeut bobogohan
jeung nu boga pamajikan.
·
Sinta mah keur meujeuhna murag bulu
bitis tara aya waé di imah.
7. Bedana Paribasa jeung Babasan
a. Paribasa
·
Ukuranna
panjang.
·
Kalimahna teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
·
Hartina lain ti harti sajalantrahna.
b. Babasan
·
Ukuranna pondok.
·
Umumna disusun dina wangun kecap kantétan.
·
Umumna ngabandingkeun.
8. Saruana Paribasa jeung Babasan
a. Wangunna matok.
b. Ngandung harti injeuman (konotatif).
Kacindekan
Babasan jeung
paribasa dina intina mah sarua wae. Babasan mah mangrupa ucapan anu geus pasti
patokan atawa basa pakemanna jeung digunakeun dina arti injeman lain harti nu
sabenerna tapi mangrupa babandingan tina sipatna hiji benda atawa kaayaan anu
geus jadi suku kata. Babasan seuseueurnaa ngagambarkeun pasipatan jalma.
Paribasa oge termasuk pakeman basa, anu teu bisa dirobah susunan atawa
ucapan-ucapanna anu ngandung harti babandingn atawa silokaning hirup manusia.
Perbedaan babasan jeung paribasa nyaeta paribasa mah geus jadi kalimat jeung
paranjang, sedengkeun babasan mah paréndék. Paribasa mah dina kalimahna sok
anteb kana haté nu diajak nyarita.